Wednesday, February 16, 2022

BEWARA PAK KADIS :NYARITA SUNDA, SUNDA CUMARITA

BEWARA  PAK KADIS :NYARITA SUNDA, SUNDA CUMARITA

Ku: Guru Ataya


Sukabumi, 16 Februari 20221

Assalamu'alaikum wr. wb.!

Sampurasun!

Kahatur Bapa/Ibu  Kepala Sekolah miwah Bapa/Ibu Guru PAUD/TK, SD, SMP.

Hatur uninga réhna sim kuring nampi serat ti Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS) anu eusina uar pangajak kanggo ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional dina dinten Senèn, ping 21 Fébruari 2022.

Uar pangajak dina éta serat téh kalintang saéna sareng peryogi ku urang diéstokeun tur dilarapkeun di lingkungan pendidikan. Utamina mah urang kedah ngiring némbongkeun tarékah enggoning ngamumulé sareng ngahirup-huripkeun basa Sunda minangka basa indung urang.

Ku hal éta, pamugi Bapa/Ibu tiasa aub kana rupaning kagiatan kanggo ngareuah-reuah poé basa Indung luyu sareng anu disarankeun ku LBSS. Èta kagiatan tèh ngawengku

1. Ngadamel twibbon nu link na sapertos ieu di handap

http://twb.nz/nyaritasunda

Èta twibbon tèh salajengna kedah diposting dijantenkeun foto profil, DP, Status dina mèdia sosial (FB, WA, IG, BIP, Telegram, jstè.);

2. Ngadamel banner/spanduk di sakola sèwang-sèwangan luyu sareng tèma nu ditangtoskeun (tingal lampiran), lajeng photokeun, kintunkeun photona ka Bu Kasi Mulok, posting oge di WAG, FB, IG, BIP sareng Telegram;

3. Dina dinten Senèn, ping 21 Februari dipiharep nganggo raksukan Sunda;

4. Ngayakeun rupa-rupa kagiatan di sakola dina raraga ngalarapkeun basa, sastra, seni Sunda, ogè kaulinan barudak, jsb.

5. Sadaya kagiatan mièling Poè Basa Indung 2022 supados dilaporkeun dina wangun photo/vidèo ka Ibu Èrni, Kasi Mulok nomer

081298917894, ogè diposting dina WAG, FB, IG, BIP, sareng Telegram.

Baca Oge : Ada Tambahan Wilayah Sasaran Rekrutmen Calon Pengajar Praktik (reguler) Pendidikan Guru Pengerak Angkatan 6


Panambih husus kanggo SMP supados

 a. Ngintunkeun pamilon guru kana Pasanggiri Biantara Basa Sunda winangun Vidèo sareng Pasanggiri  Nulis Artikel nu baris dilaksanakeun ku MGMP Basa Sunda.

b. Ngintunkeun pamilon siswa kana Pasanggiri Maca Sajak sareng Pasanggiri Nembangkeun Pupuh  winangun vidèo nu dilaksanakeun ku MGMP Basa Sunda SMP.

(Rupaning katangtosan lomba baris diwartosan deui).

Kana perhatosan Bapa miwah Ibu sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun.

URANG BIASAKEUN NYARITA KU BASA SUNDA

LEUNGIT BASANA, ILANG BANGSANA

BASANA NANJUNG, BANGSANA LINUHUNG

SUNDA APANJANG APUNJUNG

 

Mohammad Solihin, M.M.Pd.

(Kadisdik Kabupatèn Sukabumi)




Nu bade ngangge twibbonize SMP Negeri 3 Cibadak, mangga aya didieu !

Hayu sauyunan ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional (PBII) 2022 nganggo padika digital. Hiji wanci nu maranti keur nanjungkeun basa indung, ngamulyakeun basa Sunda: sangkan basa Sunda tetep dipiara.




Surat LBBS Ka Bupati Sukabumi


No comments:

Post a Comment