Wednesday, February 17, 2021

Poe Basa Indung Internasional 2021

Poe Basa Indung Internasional 2021

Ku : Iwan Sumantri

Sukabumi- 17 Pebruari 2021. Dina raraga ngareuah-reuah sareng ngiringan kerangka Poe Bahasa Indung Internasional 2021, blog Guru Ataya nyobian ngabagi / nyebarkeun uleman ti Kepala Dinas pendidikan kabupaten Sukabumi ka sadayana kepala sakola / guru sakola di kantor pendidikan kabupatén Sukabumi:



Assalamu'alaikum wr. wb.!

Sampurasun!

Kahatur Bapa/Ibu Kepala Sekolah, Bapa/Ibu Guru.

Hatur uninga réhna sim kuring kenging serat ti Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS) anu eusina uar pangajak kanggo ngareuah-reuah Poé Basa Indung Internasional dina ping 21 Fébruari 2021.

Uar pangajak dina éta serat téh kalintang saéna sareng peryogi ku urang diéstokeun tur dilarapkeun di lingkungan pendidikan. Utamina mah urang kedah ngiring némbongkeun tarékah enggoning ngamumulé sareng ngahirup-huripkeun basa Sunda minangka basa indung urang.

Ku hal éta, pamugi Bapa/Ibu tiasa aub kana rupaning kagiatan kanggo ngareuah-reuah poé basa Indung luyu sareng anu disarankeun ku LBSS. Èta kagiatan tèh ngawengku

1. Ngadamel mèmè nu link na sapertos ieu di handap

https://www.twibbonize.com/ngajembarkeunbasasunda

Èta mèmè tèh salajengna kedah diposting dijantenkeun foto profil, DP dina mèdia sosial (FB, WA, IG, BIP, Telegram, jstè.)

2. Ngintunkeun pamilon guru kana lomba ngadamel vidèo pembelajaran basa Sunda nu dilaksanakeun ku MGMP Basa Sunda.

(Juknis nyusul).

3. Ngintunkeun pamilon siswa kana lomba maca warta basa Sunda winangun vidèo nu dilaksanakeun ku MGMP Basa basa Sunda.

(Juknis nyusul).

Kana perhatosan Bapa miwah Ibu sim kuring ngahaturkeun réwu nuhun.

URANG BIASAKEUN NYARITA KU BASA SUNDA

LEUNGIT BASANA, ILANG BANGSANA

BASANA NANJUNG, BANGSANA LINUHUNG

SUNDA APANJANG APUNJUNG

Mohammad Solihin, M.M.Pd.

(Kadisdik Kabupatèn Sukabumi)

2 comments: